I. Selayang Pandang Kang Gin Gin Ginanjar
Taun 1992 jadi awal carita kuring dak!!!
Carita
dimana kuring hijrah ti desa caringin ka desa cikarang, Desa anu jadi
tanah kalahiran dua mahluk alloh anu cek kuring mahluk terbaik nomer
hiji sa alam dunya.nu salajengna disebat mamah papah,asa rancu ey bae
lah “tong protes” kuring oge tengarti naha ujug-ujug nyebut kitu.
Memang
umur kuring karek 4 tahun harita, tapi kuring inget saetik-saetik dak.
Naek gunung turun gunung, nyorang walungan, kaluar asup leweng, mangih
lembur, sawah,leweng dei, walungan dei lembur dei sawah dei terus kitu
saterusna berikut mun teu salah mah cap ceker dak. Sapanjang jalan
kuring di doktrin ku mamah papah kaalusan desa cikarang berikut teing
kuring ge te ngarti naon nu di omongken, ngabebenyoken meren carita
namah.
Singkat carita tekarasa kuring ges dua thn hirup
dicikarang. Keur samentara mah nu di doktrin ken ku mamah papah bahela
teh bener.
Tan 1994 jadi awal kaendahan dak!!
Umur
6 tahun 3 bulan kuring asup sakola berikut teu apal naon tujuan sakola,
pokonamah rame da loba batur sarua kabeh make baju beureum bodas. Indit
teh isuk keneh da sien kabeaken bala-bala umi oom anu kacida ngenahna
berikut bisa nga……’sensor’nyuk katambih di mamam na di handapen tangkal
caringin samemeh opsih pagi-pagi, anu dikomandani ku bapa aceng. Hatur
nuhun ka bapa aceng anu paranatos ngajarken disiplin kabersihan ka
simkuring sareng hatur nuhun kanu melak tangkal caringin di hampir
tiap-tiap sakola SD di cikarang da gening ku aya na tangkal caringin
jadi aya sampah daun wae tiap dinten.tiap dinten sasapu
teruuuuuuuus!!!!!
Teng teng teng sora loceng tarik
kacida nandaken kuring kudu asup kelas, tapi kabayang mun kuring
katinggang eta loceng sigana kuring moal ngarasaan asup sakola jam 10
“nandaken kls 2 da kls na kurang” da meren kuring bakal kiamat sugro
kulantaran locengna gede kacida,katambih karatan da kahujanan. Bereyek
atuh ka kelas masing-masing komo kang asman sareng kang ferdi mah silih
dorong da siga ucing jeng berit.
Kaendahan ka 1 “sama rasa sama rata”
Rek
sapatu atawa sendal anu mahal atawa murah kadang-kadang sarua dkls
kuring mah sapatu kulit kabeh alias nyekerrrrrrrrr, tapi efektif da
lamun tekitu, Aspal taneh berem bakal nempel di papan nu herang da tos
disapu ku ceu daningsih nu getol kacida,sareng kang karyadi nu getol
ngadamel cai kanggo wawasuh ibu bapa guru nu bodas panangana ku kapur.
Tah tugas kang warsa atanapi ceu usum nu ngahapus bor na da kagungan
kaunggulan dina segi tinggi badan. Emh endahna dak di ajarken ku
kaayaan,masalah sama rasa sama rata.
Aya kaindahan dina kaanehan
dak, coba bayangken sakelas kuring aya welasan murid tapi korsi meja
ukur aya 3 pasang nu hiji ku ibu bapa guru, nu dua ku welasan murid tapi
cukup.jeng te aya siga jaman
ayena korsi meja bisa dipaling,
sakola jaman kuring mah nya oge disekat ku rangkawat jeng bilik awi nu
ges karentob, da eta disaranean wae ku kang enceng “sadar bodi atu ey”
hehe maklum paling bongsor, tapi teacan aya kajantenan korsi atanpi meja
aya nu maling, subhanallah. Mung hiji masalahna mah, upami reyod hiji
reyod kabeh. Emh endahna dak di ajarken ku kaayaan, masalah sama rasa
sama rata.
30menit waktu sosialisasi paling efektif anu pernah
dirasaken sapanjang hirup kuring nyaeta 30menit pas istirahat sakola SD
di Cikarang jaman harita, rek kaulinan ti mimiti nu make modal bahan
samisal gatrik, boy-boyan, galah, karet ,kaleci ,ngadu muncang ,ngadu
sirem tataman jeng sajabana….poho dei, nepi kanu ukur modal perem ucing
sumput, modal fisik ucing lumpat jeng sajabana jang lalaki. Atuh istri
na aya nu sondah mah encrak mah aya oge nu babarengan istri pameget nu
sepdur-sepduran poho dei ngarana kabeh oge babarengan nepi ka sifat na
barang tuang sasarengan da eta we kang ajat kang yandi kang cepi kang
sobar mah sok ngajak ngadamel limus di tukangen sakola terus disedot
babarengan. sedot ,suruput, suruput, engsrok-engsrok da aya nu filek
tapi batur, nikmat gusti. Emh endahna dak di ajarken ku kaayaan, masalah
sama rasa sama rata.
Berlanjut ah kapan-kapan kaburu aya nu ngagerem tikamar……..
Te bisa sare gening dak..
Hujan murutuy pas benta..
Dikamar sabelah gening aya kang ferdi ker ngaguher..
Cik kang hudang hela kuring te bisa sare hayang ngobrol..
II. Selayang Pandang Kang Ferdiansyah
Huayyyy
….. ehm … tes … tes … satu ..dua ..tiga … ngan moal di tiup mic namah
sieun Ngajegur, komo nyebut halow mah da lain keur ngalabel …..
Lamun
nitenan kana carita kang gogon diluhur carita kuring mah, ibarat si
kembar Yuliati jeung yuliani, atawa karang kuring jeung karang rano
karno (teu beda jauh) sarua handapeun gado beulah katuhu hihihi …. Pedah
kuring mah lahirna pituin cikarang (Orsinil amun ceuk mang Nanang nu
boga Deler Sapedah Urut mah ), nu di borojolkeun tina rahim si bunda teh
pas di perumahan lembah batara nu waktun harita penghunina pinuh keneh
ku Tongeret banen, udug – udug, Lontrok, jeung hingkik, nu kadieunakeun
tiwas jantungeun, gara - gara sora bedil patrom pa Acep nu sok
dibeledugkeun memeh nabeuh calung dinu hajat … hmmm cabal eaaa (punten
124d4 4l4y)
Agustus 1995 (walohualam bisawab)
Tahun
ieu nu jadi titik awal aya rada ingetan rada gemleng, meureun kuring
dina waktu harita maju tina fase usia balita kana fase budak rodek hulu,
nu kadituna fase budak olol leho, aya hiji masa nu ku kuring moal bisa
di pohokeun tina masa eta, nyaeta masa sakola terutamana SD (Sieun
Dikuris) .
Nu masih ngait na ingetan, poe mimiti asup sakola
kuring ganteng pisan (ceuk si mamih) make baju beureum bodas, make
beubeur, make rompi, malah beuheung oge di cekek ku dasi sagala, kulit
herang da meunang ngagosok ku hand body IMEL, rambut kulimis beulah
sisi, ti jauh geus ka ambung seungitna rada giung da minyak rambutna
make Lavender Cap Dengkak, nu gambar kalengna aya awewe cina keur make
payung gening, ( kadieunakeun kalengna sok rajeun di jieun kotak
peralatan tempur kekecos nini - nini ) aya nu inget sugan ?
Indit
kasakola teu jiga batur di anter ku kolotna, kuring mah nikreuh we
sorangan da asa gagah dumeh make sapatu warior anyar, jeung di bekelan
duit 2 ratus perak, nu akhirna di pake foya – foya meuli kurupuk Edun 4
bari sakapeung mah sok di gayem jeung cangkangna pedah gurih, sesana
pake meuli fanta ria, mun hayang rada mewah nya meuli temulawak alias
GINZA di Toserba pa Sadik.
Asup sakola poe mimiti rame pisan,
boga babaturan anyar, nu sarua balangor, bari can apal ngarana mh, nu
inget teh, Tedi Sidik Permana, Mulyadi, and the gank. Kakara asup
langsung diajarkeun sarupaning pupuh, nulis papageran, CALISTUNG, jeung
tektek bengekna nu kalintang di ogo pisan da poe mimiti, nya poe ka 3
jeung saterusnamah lamun bangor teh, sok rajeun di emrat ku cai sa ember
(geus jiga kebon cabe kiriting )
Amih Karyati,
saksi kabangoran kuring and the gank, da cenah saking balangorna kuring
di sakola, mun peuting Amih sok nyeri awak, matak sok rada ngarepotkeun
ka Bapa Ulis Saca da sok nyungkeun di pencetan ( Hapunten bapa ibu, akuh
menyesalllll )
Buah tina kabangoran kuring, hiji poe kuring di panggil ku bapa Pupuhu sakola nyaeta bapa A.Kusmana,
pikeun asup ka ruangan guru ( Pantona baheulamah warna Coklat), nya
kuring nyumponan kana eta panggero, Tepi ka eta ruangan tuluy kuring di
petel raraban, 1 tepi 9, geus katinggali lancar tuluy kuring dititah
maca majalah SUARA DAERAH, geus beres kitu dititah maca deui majalah SI
KUNCUNG (Ngan hanjakal teu di titah dahar) sanggeus kitu Bapa pupuhu
sakola ngagero hiji murid nu juringas, tur rancingeus, nu wastana Ajat,
nya kuring di adu maca jeung manehna ( Untung lain ngadu gapleh )
sanggeus kitu bapa pupuhu sakola kedal lisan,
“Fey enjing mah lebet siang we sareng kelas dua “
Duarrrrrr …. Didinya kuring kaget pisan Jantung ratug tutunggulan, da lamun seug eta ka jadian keuna ka artis Saeful Jamil
mah geus weh bakal langsung nyanyi ( Bagaikan petir disiang hariiii ….
Bagaikan Layang putus dari benang nyahhhh …. Bagaikan langittt …
tertutup awan … ) waktu harita Kuring teu bisa nga jawab, ukur bisa
unggeuk tanda satuju kana eta pangajeng pupuhu sakola.
Isukna
kuring, Asup ka kelas dua, ninggalkeun sakabeh And the gank, jeung
gebetan (pasnamah calon gebetan) pas kuring asup, sok sanajan kelas nu
sarua, tapi jadi asa jauh beda, nya kuring di rohang kelas ieu wawuh
jeung, Kang gin gin, kang Asman si petinju begang, kang kariydi si jago
alfa, ajat, cepi si golep Brisk pria masa kini (pada jamannya), kang
yandi, warsa alias degul, daningsih, rohaetin, Yeni, ratna suminar,
sumiayati, hartini, Ai Santika, sobariah, Nur Aisah, Sobar nurjamil,
Enceng sobarnas, tidieu kisah kuring dimimitian berpetualang di dunia
pendidikan yang penuh kebangoran, prestasi, suka cita jeung persahabatan
Cie… cie… cie….
Aduhhhh … dak nulis sakitu ge kuring
mah meni poho ngarenghap … ku sonona kana masa-masa bebenyit …. Cag
heula ahhh … kuring ngarenghap heulaa ……
III. KAJADIAN MASA - MASA SAKOLA
Aya
picaritaen nu edun anu kudu dicaritaken dina sababaraha waktu, Sabab
loba kajadian nu sabenerna loba pelajarana nu lewih loba pikaserieun. ie
carita pangalaman kuring Gin Gin ginanjar jeng kang Ferdiyansah nu
pernah ka alaman waktu jadi dulur di kelurga besar Sakola Dasar Cikrang
I, bisa wae ieu pangalaman aya nu sarua kalakonan ku urang sarerea.
1. Antara Ruang Kelas, Amih Jeung Tugasna
Ie carita dimimitian thn 1995 waktu kami and the gank nincak kelas 2 nu di wali kelasan masih ku Amih Kariati nu masih keneh rajin nyebor barudak (ameh tereh gede) hehehe..
Sabenernamah
krikulum di Sakola SD kuring oge sarua masa diajarna 6 tahun, ngan
teuing masalah naon da kelas namah ngan ukur aya 5 ruang kelas ka asup
guruna nu ngan aya 5 urang, jadi 7 lamun ditambah jeung pa Kepala tur Pa Aceng sebagai pawang sapu jeung avatar pengendali kalakay daun caringin ….
Ari
masalah kelas mah rada kaharti meureun matak kurang oge lantaran, biaya
pembangunana nu kurang, atawa gara gara tanah lelemah sakola kuring nu
leutik teuing, jadi lamun di bangun engkena moal aya tempat barudak keur
ucing ucingan, gobag, boy boyan, maen kaleci, encrak, ucing sumput,
ucing berem, maen karet jeung nu penting mah bisi eweuh laha pikeun
singasana kereta kencana pa Utay Mintarja nyaeta Honda GL 125 parkir.
Tah
kulantaran kurang kelas jeung tanaga pengajar ahirna kelas dua mah
asupna jadi kelas beurang sanggeus kelas hiji bubaran, ari wanci teges
namah kira kira jam 10,00 suk isuk. Ari pengajarna nya Amih deui waeee …
lamun di tanya honorna dobel mah, da asa moal mungkin, ngan mun di
tanya pagawean ges pasti rudet, bayangkeun, mawa buku kasakola 2 kelas,
nyieun soal keur ulangan 2 kelas, mariksa hasil THB 2 kelas, tur ngesian
Rapot oge dua kelas, ribet pan? Can ditambah ku barudak kelas hiji
jeung kelas dua nu kacida bageurna, eta oge lamun Amih geus bolotot bari
ngaluarkeun sora oktaf pang tinggina.
2. Dogong Panto Kelas
"Kang
fey…naon maksudna harita anjeun jeng kang asman tukang tinju tea te
ngabjaan ka kuring yen anu ku kuring di dogongan lain kang asman, atuh
ku gara-gara eta kuring isin beak tikarep... ?? "
Ohhhh ….. nu basa harita … kang gin gin wajahna nga dadak sepa tur pias ?
Kieu
… waktu harita teh sanggeus amih mere tugas, terus kuring teu kuat ges
ngagayot hayang kahampangan, nya menta anteur ka kang asman, tah
sabadana kuring miceun eta rereged di WC VVIP nu d bunian ku bilik
dobol, rada era gening mun keur cangegang bari mancer teh da sok aya
domba bikang noong ti tonggoheun setudio radio multinada. Ringkes carita
pas kuring rek asup ka kelas, panto kelas kasampak nutup, bari pas di
surungkeun ku duaan jeung kang asman teh Rada pageuh…. Sabot anteng
ngugil ngadogongan eta panto, datanglah bidadari penolong nyaeta Amih….
Harita keneh Amih langsung ngambil alih eta pertarungan adu dogong …
Sabenerna kuring apal pisan nu pageuh ngahalangan ti jero teh lain tulak
panto, tapi tanaga rongkah kang gin gin nu kaluar tina kuda kuda anu
kacida tohaga …. Ngan orokaya Amih lain jalma jore jore, anjeuna
langsung nyuruduk eta panto dina gerakan banteng rodeo … hasilna pan
kang gin gin ngabangkieung tur mundur dua lengkah …. Bari ngajorowok …
” Bantuannnnn ,,, Kariadiiiii ... ”
Tapi
malang nasib kang gin gin , tina eta panto nu melenge teh ka intip
wajah Amih nu beureum tanda ngaluarkeun ajian pamungkas keur ngadogongan
kang gin gin … atuhhhhhh … kang gin gin ngelemes bari musam – mesem ….
Ari kuring jeung nu lian mah seuri kebek ngeunah pisannnn….
3. Maen Tincak Bola
"Tah
kang gin kuring mah rumasa baheula teh sagala bisa, termasuk soal
seniii … ngan hiji patalukan kuring mah dina masalah olah raga …."
Owh
enya eta mah te kudu dicatur, kuring percaya ari masalah seni mah, da
kang fey mah tina nakolan bonang nepika dolak wadah huut bisa
ngahasilkeun harmonisaisi nu haslina sungguhh luar biasa sajah
hahahaha,,,,, komo masalah nakolan dorokdok jeng nakolan awi sabebek
mah, Ngan naha dina masalah olah raga kang fey mah siga nu poekeun obor
??
saperti harita basa kami and the gank datang isuk keneh ngajak
maen bola galawann kasebelasan Ajat CS di lapang pa sadik (padahal alm
mah te pernah meli lapang).
waktu harita ku sabab di klub kuring
kakurangan hiji pemain inti, nya kuring kapaksa ( make pisan) ngondang
kang fey nu statusna, lain pemain impor, pemain inti, atawa pemain
pinjaman tapi status kang fey waktu harita teh kalintang pentingna
nyaeta sebagai pemain PANGGANJEL ( lamun ucing-ucingan mah anak
bawang ). Atuh kurunyung harita kang fey turun ka galanggang bari anger
ngagayeum plastik kurupuk edun nu salawean (majarkeun mah gurih). Sok
sanajan kang fey statusna pamaen pangganjel, tapi kuring langsung
mercayakeun kang fey sebagai posisi ngacak, termasuk tukang mulung bola
lamun awut buruh, ( kitu oge lamu bolana jauh ka kebon awi pa Bana).
Tapi
aya ka kakaguman kuring kang fey, nya eta waktu kiper kang karyadi
newak bola tengah teuing nu jadi ngahasilkeun tendangan 12 pas, nya
waktu harita kang fey merekedeweng hayang nga eksekusi eta tendangan …
Singkat carita barudak ngizinan, nya kang fey ancang ancang mudur
sawatara lengkah katukang jauh pisan ( majar ameh tarik najongna),
sanggeus ngarandeg jeung narik nafas, harita kang fey lumpat bari
nyawang eta bal, ngan teuing masalah naon lumpat kang fey teh rada
babangkieungan siga nu mabok salep bisul, siganamah eta gerakan teh
ngarana Langlayangan gedeg … pas nepi kana eta target ( Si kulit bundar)
kuring heran deui wae, Lantara eta bola teh lan di tajong, tapi kalah DITINCAK
…. Orokaya awak kang fey langsung ngadangheuak ka tukang, bari
nangkarak bengkang, atuh bal anu gagal di tajong the rikat di
salametkeun ku kang karyadi dina jurus tangan seribu gegep … atuhh ...
eta kasempetan teh terbang sia - sia.
4. Radio Multi Nada
Lamun
di tinggali tina peta peradaban desa cikrang, sakola urang teh letak
geografisna pas di tengah – tengah kota, buktina dekeut ka toserba,
jeung pasar induk ci karang, nu katelah ku Lotek bi Tarminah, Kupat ma
Opoy, Sayuran mang uya jeung Salon Aki Sahro, salain eta deukeut oge
jeung kantor pamarentahan desa, puskesmas, jeung pos ronda nu di
kumplitan ku kohkol, jeung Penjarana, Ari beuki karasa kota nateh ku
ayana ngadeg sarana informasi nu katelahna “ RADIO MULTINADA “ anu tagline nateh “ SHO PASTI NGEJRENG” ari nu janten direktur nateh A Yudi Alpa Sera. Eta wangunan radio teh ngadegna pas di satukangeun sakola, malah lamun istirahat sok rajeun barudak meuli Atensi
( kartu request) anu zaman harita haregan 500 menang tilu lamar, ari
penyiarna nu kawentar waktu baheula nyaeta, kang Yudi Alpasera, kang
Cecep Alpasera, Kang Sumarna Alpasera jeng rea rea deui, malah sohorna
ngelehkeun aki Pikun jeung Apih Pradewa.
Aya hiji trend di
dunia broadcashting waktu harita, nyaeta ngaran di radio teh pa keren –
keren (pada jamannya) saperti, Kang Ajat boga lanihan Kajoy Skem, aya
deui Puput, Gadis Lembayung Senja, Aki panyadap, Mamah Ikeu Anu
Meuleuneu, Gadis Purnama Membiru, Kadal Ketap, Rorongkong Nikreuh,
Cucunguk Jengke, malah kang Fey oge pernah mundut lagu Di Maribaya ti
Kang Darso make ngaran samarana Ronaldo, ngan ti saprak nyepak pinalti
Tikosewad langsung nga bubur bodas, ngabubur beureum, nya ti kawit
harita katelahna janten Tommy J Pisa. Malah kang Tommy J Pisa eta pernah
Lebet kana buku moitor gara gara nyieun pantun kieu,
Makan kelapa di jakartaMakan Baso sama cirengRadio multinada jaya di udaraDan sho pasti ngejreng
Bersambung……
Tidak ada komentar:
Posting Komentar