Kamis, 23 Juli 2015

NGADU BAKO (Obral Obrolan Urang Kidul Di Belah Kaler ) BAG II

4. Teka Teki Kaca Uril

Teknolgi di bidang pendidikan jaman harita kalintang cukup moderen, termasuk di sakola kuring, nu ka inget waktu harita aya Pulpen nu mangsina 4 bari warna warni (pulpen anu paling mutaqhir, pada jamannya) fungsina warna warni eta mungkin wae, keur nandaan catetan waktu aya materi nu pentinga ameh ngapalkeun babari, tinggal maca nu di tandaan eta, atuh kabehdieukeun aya nungarana Pulpen seungit, ngan kaburu di rampasan ku bapa kalih ibu guru, da cenah teridentifikasi ngandung narkoba ( Teuing saha salakina eta narkoba teh  ojol – ojol  ngandung weh ).

Sajabana ti eta aya Patlot anu praktis teukudu di seukeutan, lamun geus beak hihidengna tinggal nyabut terus dipindahkeun di colokeun kana buntutna, ke mun geus kadorong, hihideungna nu anyar bakal bijil, ngan cilaka lamun eta si hihiidengna ngacleng terus kakolong ke moal bisa di pake da jadi logor, ku sabab euweuh sabukel.

Ari anu rada teu maju teh nyaeta tina widang Pamupus patlot, bentukna angger kitu, jeung seungit permen karet ( Lamun keur lapar jeung  euweuh batur sok rajeun dilamot) malah kang Asman mah rada kreatif, lamun pamupus  euweuh teh sok ngabeungkeutkeun karet geulang urut beungkeut  bungkus lotek dina tungtung patlot (Pelopor), ari hasilna … Alhamdulillah sae ngan sok rada hideung kana kertasna.

Ari anu jadi barang paling Favorit tur langka dina waktu harita nye eta tipe x,lamun aya nu boga teh sok rajeun loba nu menta, keur nulisan kantong atawa topi (Gaul Pada Jamannya).

Sakali deui  budak paling kretif di kelas kuring mah kang Asman, sabab waktu harita barudak ampir nurutan kabeh, waktu manehna boga Terobosan nyieun isi ulang Mangsi Pulpen ku Buah Harendong, (Teung Manggih Wangsit timana jeung teuing meunang tapa di mana SI JADOL teh) Ari hasilna alhamdulilahhhh … Pulpen teh Angger  weee ... Garah, kalah baju harideung, anu antukna aku kena geleneng si ema pas nepi imah :(( 

Tapi tina masalah teknologi keur pelajar eta, aya hiji nu fungsina teu kafikiran tepi ka ayeuna kuring hirup, nyaeta Uril ( Panyerut patlot), salian ti boga mitos ulah di tiup bisi mintul, salain eta masih teu kafikirana teh naha sok make Kaca eunteung, di sebutkeun fungsina keur ngeunteung da leutik teuing, ceuk cohagna mah moal mahi keur ngacaan cileuh cileuh acan.

Ku kituna barudak lalaki nu rada cengos mah sok rajeun nyieun fungsi sorangan, nya eta kaca teh sok diselapkeun dina tali sapatu, terus eta sukuna sok di sodor sodor ka handapeun Erokna murid awewe,  teuing naon maksudna da lamun geus kitu teh sok tuluy ngagorowok make kata sandi, pokna teh  kalong Kayas, Kalong Bungur, Kalong Bulao,Kalong bereum, Kalong  bodas, jeung saterusna . malah sok aya kata sandi Aliran = Gagal, Teu katinggali nanaon, alias poek. Teuing naon maksudna, tapi sigana eta budak lalaki teh keur diajar SEJARAH, Meureun kitu oge ???

Tidak ada komentar:

Posting Komentar