Ku: Kang Ferdiansyah Sareng Kang Gin Gin Ginanjar
6. Antara Timbel, Onclo, Jeung Buku Rapot.
Lamun ngabahas Kurikulum kuring hayang rada serius sauetik, Sainget kuring baheula mah Sataun ajaran teh aya 3 Caturwulan, ari sa caturwulan teh lilana 3 Bulan, jadi dina 3 bulan sakali, para murid pasti ngalaman nu ngarana THB ( Tesumatif Hasil Belajar) ,jeung 3 bulan sakali pasti para murid narima buku Raport, tah jadi gampang para orang tua siswa dina ngontrol di ajar budakna (Terutama nyarekan)
Ari prihal buku raport jaman kuring baheula , nya sarua sabagian gede namah nyantumken nilai – nilai pelajaran seperti, PMP (PendidikanMoral Pancasila), Bahasa Indonesia, IPA, IPS, IPU ( Ilmu Pengetahuan Umum),Agama, Mulok (Bahasa Sunda), KTK ( Setor Sapu nyere, Pamupus nu jiga bantal, Tutunjuk tina Awi jeung liana ),terakhir PENJASKES.
Aya nu menarik dina tiap waktu pembagian rapot, puguh ari diahir caturwulan tilu mah da sok raramean ( SAMEN ) . Ngan dina tutulisan nu ieu kuring moal waka ngabahas SAMEN ( Teing Kapanjangan Tina Nanahaon) tapi kuring rek nyaritakeun pangalaman ngabagikeun rapot dina Caturwulan ka 1 jeung ka 2 nu pasti ka alaman ku dulur sarerea nu sa angkatan.(Angkatan Nyeker)
Ari numenarikna teh , kuring sarerea sok titah mawa bebekelan ( Wajib KEJO ). Atuhhh … resep, isuk isuk teh barudak geus recet (Jiga anak manuk Piit kalaparan) ngobrol bebekelana, malah sok aya nu pa ambung – ambung eusina sagala.
Geus asup kakelas samemeh dibagikeun rapot barudak titah murak eta bebekelan kudu babarengan, nu lolobanamah jaman harita tara make Misting atawa Tuper wear jiga jaman kiwari, jaman kuring baheula mah cukup di bungkus ku daun cau meunang ngaleumpeuh ( Dideang Dina Hawu). Atuh Seungitna eta sanggu meunang ngakeul campur jeung seungit leumpeuh daun cau teh, jadi seungit anu khas tur moal bis poho tina irung kuring.
Ari bentukana eta bungkus sangu teh aya dua rupa, aya nubuleud di gulung sok di sebut Timbel (Mirip Panggebug bangsat), aya oge nu dijieun nyungcung atawa sok di sebat Onclo ( Siga jangawarengana Gunung Tumpeng ).
Ari deungeuna, rupa rupa, Aya nu mawa goreng endog, aya nu goreng Lauk ( meunang ngadadak Ngecrik bapana), Goreng hayam kampung oge aya, malah Kang Ajat mah tikawasan Ci peundeuy sok rajeun mawa Goreng Jengkol. Ahhh …pokona rek mawa naon oge na waktu harita euweuh nu ngarasa era ku babawan, da tampolanamah bisa silih asaan jeung nu dibawa ku babaturan. (Mimitina diasaan kadituna meakeun).
Geus kitu kakara di umumkeun juara ka 1, 2, jeung 3, saterusna di absen hiji hiji pikeun narima hasil diajar (patiron tiron waktu THB), nyatana buku Rapot ( Lamun nilaina goreng sok jadi Repot).
Emhhh … Dulurrr … dimana aranjeun, kuring duaan sono pisan kana masa – masa eta, Naha Anjeun sarua boga rasa jiga kuring duaan …??

Tidak ada komentar:
Posting Komentar